Wednesday 15th of May 2024

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Sebagian dari Iman, Cocok Untuk Acara di Desa Maupun Sekolah

×

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Sebagian dari Iman, Cocok Untuk Acara di Desa Maupun Sekolah

--

Contoh 3

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh


Puji sareung syukur urang panjatkeun ka Allah SWT, sholawat sareung salam urang limpah curahkeun ka jungjunan nabi akhir jaman, nyaeta Nabi Muhammad SAW, ku kituna urang sadaya tiasa patepang tuur paamprok jonghok dina ieu acara, ibu/bapa anu ku simkuring dipika hormat.

Saderek sadaya anu ku simkuring pikacinta, dina ieu rengrengan simkuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan kabersihan lingkungan, anu dimana urang sadaya terang yen di lingkungan bersih parantos tangtu sehat ka diri urang sadaya anu nyicingan eta tempat.

Dina cara miara kana ieu lingkungan teh aya 3 paling saeutik supados lingkungan tetep bersih jeung sehat nyaeta ngagunakeun teknik dihandap

1. Simpen sampah plastik

Maksadna nyaeta , simpen sampah anu parantos diangge teh ulah nepikeun ka di piceun dimana wae.

2. Gunakeun deui eta sampah

Saparantosna di simpen teras di bersihkeun , nah upami tos kitu mah tiasa di gunakeun deui eta sampah plastik teh

3. Daur ulang eta sampah

Dina penelitian sampah plastik teh bisa ancur ku taneuh ku jarak waktu 24 taun, pasti lami ari kitu mah, nah ku kituna tiasa eta sampah teh di daur ulang janten barang rumah tangga anu sanes , janten henteu dimana wae.

Tilu cara di luhur tiasa di gunakeun ku urang sadaya, supados lingkungan urang sehat sareung bersih, ku kituna sakitu wae ti simkuring mugia janten mangfaat kanggo urang sadaya.

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Baca juga: Contoh Tembang Macapat Bahasa Jawa Lengkap Dengan Lirik dan Maknanya yang Wajib Kamu Tahu

Baca juga: Contoh Soal Hots Bahasa Indonesia Kelas 1 SD, Disertai dengan Kunci Jawabannya

Baca juga: Contoh Percakapan Bahasa Jawa Sehari-hari, Dengan Daftar Kosa Kata dan Artinya

Sekian informasi tentang teks pidato bahasa Sunda tentang kebersihan. Semoga sedikit banyak informasi ini bisa berguna dan bermanfaat ya.

Sumber:

UPDATE TERBARU