Wednesday 15th of May 2024

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Sebagian dari Iman, Cocok Untuk Acara di Desa Maupun Sekolah

×

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Sebagian dari Iman, Cocok Untuk Acara di Desa Maupun Sekolah

--

Contoh 2

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.


Langkung tipayun hayu urang manjatkeun puji sareng syukur ka Dzat Nu Maha Agung. Ku Rohman sareng Rohim-Na, urang sadayana tiasa riung mungpulung di ieu patempatan dina rararaga acara kumpul wargi RT 5.

Solawat miwah salam mugi salamina dilimpah curahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para sobahatna, para tabi’in atba’ut tabi’in, dugi ka urang sadayana mudah-mudahan kenging sapaatul udzma jaga di yaumil jaja wal hisab. Aamin ya robbal alamin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.

Kasehatan mangrupi salah sawios ni’mat Gusti nu kalintang awisna. Kumargi sakitu, payus pisan upami urang tiasa ngajagina.

Kumaha carana ngajagi sareng nyukuran ni’mat sehat?

Salah sawiosna nyaeta ku jalan ngajaga kabersihan awak urang sareng kabersihan lingkungan. Awak sareng lingkungan anu beresih moal gampil kakeunaan ku panyawat.

Ngajagi kabersihan lingkungan gampil pisan disebatkeun nana sareng gampil dilakonan kantun urang kersana. Carana nyaéta ulah miceun runtah di mana waé, rajin kokoréd di buruan, sareng getol sasapu.

Upami sadayana warga guyub dina ngajaga kabersihan lingkungan urang, tanwandé lembur urang bakal bararesih matak pikabetaheun sareng tebih tina panyawat.

Kumargi kitu, hayu urang sasarengan ngajagi kaberesihan bumi katut buruanna séwang-séwangan, ogé sasarengan gotong royong meresihan sarana umum sapertos jalan, pancuran sareng solokan.

Hadirin nu ku simkuring dipihormat.

Sakitu anu tiasa kadugikeun, hapunten boh bilih aya kalimah anu matak tugenah kana manah nyentug kana kalbu. Mudah-mudahan urang salawasna kalebet ka jalma nu tiasa ngajaga kabersihan margi saur katerangan ogé kabersihan teh bagéan tina iman.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Sumber:

UPDATE TERBARU