Wednesday 15th of May 2024

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Sebagian dari Iman, Cocok Untuk Acara di Desa Maupun Sekolah

×

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Sebagian dari Iman, Cocok Untuk Acara di Desa Maupun Sekolah

--

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Contoh 1

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.


Wilujeng Enjing Sadayana? Bapa/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng sadaya rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah, khususna siswa kelas 6 nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah ta’ala nu parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu sehat oge. Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, nah eta mangrupakan conto hirup anu sehat anu sederhana.

Conto sanesna dei, lamun dilingkungan sakola nyaeta urang kedah miceun sampah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham, sareng ngalaksanakeun kawajiban piket di sakola.

Sabab bersih teh mangrupakeun sabagian tina iman, lamun saupami sadidinten urang tiasa ngajaga kaberesihan, insya allah awak urang oge bakal sehat sarta di jauhkeun dina anu ngarana panyakit.Sarta awak urang bakal bersih atanapi jauh tina kokotor, sareng lingkungan di sabudeureun urang.

Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang oge jadi bersih.Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur biantara singket ti sim abdi, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Baca juga: Contoh Soal Cerita Aksara Jawa Lengkap dengan Kunci Jawabannya

Baca juga: Contoh Program Kerja OSIS Kreatif dan Menarik, Bisa Untuk Mengembangkan Diri!

Baca juga: Kumpulan Ide Program Kerja OSIS SMP, SMA, SMK Dalam Segala Bisang, Bisa Untuk Dicontoh!

Sumber:

UPDATE TERBARU