Sunday 19th of May 2024

Contoh Dongeng Sasatoan Singkat Tentang Ayam Jago, Berikan Pesan Moral yang Mendidik Untuk Anak Anak

×

Contoh Dongeng Sasatoan Singkat Tentang Ayam Jago, Berikan Pesan Moral yang Mendidik Untuk Anak Anak

--

Teu lila, si naga ménta anteur ka sakadang titinggi. Sanggeus kapanggih jeung jago, dicaritakeun tah kabéh maksudna ka jago, rék nginjeum tanduk heula cenah, engké dianteurkeun deui ku sakadang titinggi ceuk sakadang naga téh ka jago. Hayam jago teu nembalan, da lantaran geus apal pikiran jahat jeung licikna si naga. Tapi, lila-lila naga ngarayu, ahirna jago ogé merekeun tandukna ka sakadang naga.

Baca juga: 20 Soal Pembagian Ribuan Bersusun (Porogapit), Lengkap dengan Kunci Jawaban


Baca juga: Contoh Kalimat Babasan Sunda Beserta Terjemahan Bahasa Indonesianya, Mirip Seperti Peribahasa Umum

Baca juga: Kumpulan Contoh Name Tag MPLS Kreatif yang Bisa Dijadikan Referensi dan Mudah Dibuat!

Ceuk naga téh ka jago "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi samemeh panon poé bijil, lamun can balik baé, bisi kaula poho, maneh méré tanda wéh kongkorongok sing ka tarik!" Geus kitu mah, jug wéh naga jeung titinggi téh marangkat. Ari isukna saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok satarik-tarikna. Sakali, dua kali, tilu kali, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh.

Terus jago téh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep wéh titinggi teu datang-datang. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang-datang. Keun sugan cenah peuting isukan ceuk hayam téh. Tapi angger wéh anu ditanggoan nepi ka beurang titinggi teu datang kénéh baé. Saking ambekna kacida éta hayam jago téh, nepi ka rék nyancem lamun ceunah si sakadang titinggi datang, arék di pacok nepikeun ka paéhna.

Sumber:

UPDATE TERBARU