Wednesday 15th of May 2024

Kumpulan Teks Autobiografi Diri Sendiri dalam Bahasa Sunda, Sangat Inspiratif dan Mudah Diikuti

×

Kumpulan Teks Autobiografi Diri Sendiri dalam Bahasa Sunda, Sangat Inspiratif dan Mudah Diikuti

--

Contoh Autobiografi 2

Ngaranna Dewi Anggraeni, lahir di Tasikmalaya, 30 Desember 1997, anak katilu ti lima anak, buah ti pasangan Kamaruddin jeung Siti Zubaidah.


Dewi téh landihanana, lahir di kulawarga anu basajan pisan. Bapana guru honorer di madrasah tsanawiyah, sedengkeun indungna gawéna jadi kuli di pabrik sapatu teu jauh ti imahna. Ti leuleutik sok dijurung ku bapana sangkan salawasna getol ibadah, jujur, jeung bageur ka batur.

Nalika yuswa 6 taun, anjeunna ngamimitian atikan di SDN 1 Ciawi, Tasikmalaya, teras saatos lulus anjeunna neraskeun ka SMPN 1 Tasikmalaya taun 2009.

Saparantos lulus SMP taun 2012, anjeunna ngagabung sareng pamanna anu cicing di Kota Bandung sareng neraskeun ka SMA xx Kota Bandung.

Sabada kelas X SMA, manéhna milu pasanggiri ngarang sajak antar sakola di sakuliah Kota Bandung, sarta sajakna anu judulna “Senja di Barat Cikapundung” jadi juara ka-3 dina éta pasanggiri.

Tangtu waé hal ieu ngajadikeun haténa bagja jeung leuwih sumanget dina nulis, hususna sajak-sajak anu bertema lingkungan.

Pikeun manéhna, lingkungan mangrupa salah sahiji aspék penting dina kahirupan lantaran lingkungan anu beresih jeung éndah bisa ngajadikeun jiwa manusa kuat jeung séhat.

Baca juga: Belajar Aksara Jawa dan Pasangannya, Contoh Kalimat Serta Penjelasan Lengkap

Baca juga: 2 Link Download Contoh Surat Ahli Waris Sebidang Tanah Format PDF/Word Gratis dan Bisa Langsung Edit Sendiri

Baca juga: Contoh Surat Ahli Waris Sebidang Tanah Sesuai dengan Aturan Pasal 111 Ayat (1) C Permen ATR/Kepala BPN 16/2021

Salian ti éta, manéhna ogé aktif dina sagala rupa kagiatan di sakola. Dewi asup kana organisasi Pramuka sarta ogé jadi kapala redaksi majalah dinding sakola.

Ayeuna anjeunna masih di kelas XII SMA jurusan Bahasa. Sanggeus lulus, mojang hideung manis ieu ngarencanakeun pikeun nuluykeun kuliah di Jurusan Sastra Indonesia di Universitas Gajah Mada (UGM) Yogyakarta.

Sumber:

UPDATE TERBARU