Wednesday 15th of May 2024

Kumpulan Teks Autobiografi Diri Sendiri dalam Bahasa Sunda, Sangat Inspiratif dan Mudah Diikuti

×

Kumpulan Teks Autobiografi Diri Sendiri dalam Bahasa Sunda, Sangat Inspiratif dan Mudah Diikuti

--

Kumpulan Teks Autobiografi Diri Sendiri Bahasa Sunda

Contoh Autobiografi 1

Nami abdi rohman, atanapi rerencangan mah sok nyauran abdi ku sebatan nami oman, boh disakolaan boh di bumi. Abdi dibabarkeun di Bantar jati, Kacamatan Caringin, Kabupaten Bogor, Provinsi Jawa barat, Ping 09 Juli 1997. Abdi putra ka hiji ti pasangan Bapa Ujang sareung ibu yayan.


Umuran 14 taun, nuju abdi kelas 1 SMP abdi ngagaduhan kareseup nyaeta utak-atik komputer. Mimiti abdi wanoh kana komputer téh ti warnet, ti dinya abdi mimiti wanoh kana Jaringan Internet nyaeta nuju abdi umuran 9 taun kelas 4 SD.

Di Internet seuer hiburan, mun urang hoyong lagu, kawih atanapi pupuh tinggal ngadownload, hoyong video tinggal download, sareung lian sajabana.

Sareng di internet oge seuer pisan Beja atanapi Informasi nukumaha bae, sapertos sabundereun tina bahan ajar disakola, didinya urang tiasa diajar tinggal milarian dina Situs Internet nganggo perantara Browser.

Baca juga: Contoh Absensi Guru Jam Datang dan Pulang Terbaru 2023, Bisa Digunakan Untuk Semua Jenjang Pendidikan

Baca juga: Kumpulan Contoh Soal Aksara Jawa Pasangan, Meningkatkan Skill Menulis Bahasa Jawa

Baca juga: Belajar Aksara Jawa dan Pasangannya, Contoh Kalimat Serta Penjelasan Lengkap

Sabab saur pa guru ogé, élmu mah kacida pentingna, lamun hirup nyandak élmu bakalan moal berat kawas urang manggul batu, da nungarana élmu mah icingna dina pangarti jelema, nyaeta dina akal anu sehat.

Saréng nangan élmu ogé tiasa dimana waé sapertos kos kiwari ayena tiasa diajar dina internet. Élmu tiasa dimanfaatkeun diantarana Ngawartosan anu teu wanoh, Ngabantosan anu butuh, Sodakoh pikiran ngangge élmu ogé kaasup kana ibadah.

Saking resepna abdi kana élmu komputer, abdi ngarancang kahayang lulus sakola éngkin, abdi hoyong neraskeun atikan ka teknik komputer sareng jaringan di salah sahiji universitas negri di kota bogor.

Sumber:

UPDATE TERBARU