Thursday 16th of May 2024

Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan, Singkat Padat dan Mudah Dihafalkan

×

Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan, Singkat Padat dan Mudah Dihafalkan

--

Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Wilujeng Enjing Sadayana? Bapa/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng sadaya rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah, khususna siswa kelas 6 nu dipikacinta.


Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah ta’ala nu parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu sehat oge. Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, nah eta mangrupakan conto hirup anu sehat anu sederhana.

Conto sanesna dei, lamun dilingkungan sakola nyaeta urang kedah miceun sampah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham, sareng ngalaksanakeun kawajiban piket di sakola.

Sabab bersih teh mangrupakeun sabagian tina iman, lamun saupami sadidinten urang tiasa ngajaga kaberesihan, insya allah awak urang oge bakal sehat sarta di jauhkeun dina anu ngarana panyakit.Sarta awak urang bakal bersih atanapi jauh tina kokotor, sareng lingkungan di sabudeureun urang.

Baca juga: Contoh Pidato Bahasa Arab dan Artinya Tentang Pentingnya Adab dan Akhlak, Pas Untuk Acara Tahlilan Keluarga dan Acara Lainnya

Baca juga: 5 Metode Padika Biantara yang Harus Kamu Tau, Sampaikan Pidato Bahasa Sunda dengan Baik

Baca juga: Kumpulan Teks Pidato Santri Salafi Penuh Makna, dengan Berbagai Tema Pembahasan

Sumber:

UPDATE TERBARU