Sunday 2nd of June 2024

Contoh Biantara Ngamumule Basa Sunda, Cocok Untuk Berbagai Acara dan Tugas Sekolah

×

Contoh Biantara Ngamumule Basa Sunda, Cocok Untuk Berbagai Acara dan Tugas Sekolah

--

Contoh Biantara Ngamumule Basa Sunda

Contoh biantara Sunda atau pidato Bahasa Sunda Tema Ngamumule Basa

Bismilahirohmanirohim


Assalamualaikum wr.wb

Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin sadaya anu sami hadir anu ku sim kuring dipihormat.

Alhamdulillah wa syukrulillah, dina danget ieu sim kuring baris ngadungikeun biantara anu jejerna “Ngamumulé Mieling Basa Indung di Lingkungan Sakola”.

Naon margina? Kumargi, basa Sunda téh basa daérah anu kaasup kana kabudayaan daérah. Basa Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda.

Jalaran urang sadaya putra daérah seuweusiwi Pasundan, nu matak wajib ngamumulé basa Sunda dina kahirupan sapopoé.

Namung, hanjakalna dina mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor daria téh tos méh-méhan teu diadaban ku para nonoman. 

Tah, nilik kaayaan kitu, urang salaku bibitbuit Ki Sunda kedah kumaha atuh? Dina perkara ieu pisan, sim kuring baris babalagonjangan ngadugikeun pamadegan sim kuring.

Urang salaku seuweu-siwi Siliwangi kedah ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé.

Numatak ayeuna mah Di Piharep sakumna Kabupatén nuaya di sabudeureun tatar sunda ngarintis sadaya lembaga kaasup sakola, yén dina saminggu téh aya poé basa Sunda.

Dina lebah dieu pisan sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda.

Da kapan, geuning tacan sakum sakola di tatar sunda ngarojong kana ieu program, malihan, aya sakola teu teu apal-apal acan kana éta program téh. 

Saupama sakumna sakola ngarojong tur ngalaksanakeun ieu program, tangtos baé tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh langkung ronjat.

Prak! Urang rampak gawé babarengan ngahudagkeun deui komara basa Sunda wewengkon tatar sunda

Saupama lain ku urang dipiara dimumulé, badé ku saha deui basa Sunda dijagadiraksa?
Naha urang téga jolédar ka basa indung urang sorangan?

Saupama leungit basa Sunda, tangtu leungit ogé budaya jeung jati diri urang Sunda.

Ampun paralun teu pisan-pisan seja mapatahan ngojay ka meri, utamina ka para budayawan katut inohong basa Sunda.

Ieu mah pilakadar tawis asih ti nonoman nu buta tulang buta daging, nu ngaraos cinta tur reueus ka basa jeung lemah caina. Cag. 

Wallahul Muwafieq Ila Aqwamith Tharieq Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Sukapada , 23 Pebruari 2023
Pun YAYAT HIDAYAT, S.Pd 

Baca juga: Ciri dan Keunggulan Ayam Pama Ninja, Jengger Tegak dan Akurasi Pukulannya Tepat

Baca juga: Daftar Bengkel Dinamo Mobil di Kota Malang yang Buka Pada Hari Minggu, Cek Alamat Hingga Jam Operasionalnya di Sini

Baca juga: Frekuensi TV Digital Solo Untuk Pengguna STB, Nikmati Fasilitas TV Digital yang Jernih!

Contoh biantara atau pidato Bahasa Sunda Tema kebersihan

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun...

Inna dhofatu minal iman

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. 

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.

Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.

Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani.

Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien...

Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb. 

Baca juga: Link Download Buku Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2 SD/MI Tahun 2023 Lengkap Langsung Pelajari di Sini

Baca juga: Frekuensi TV Digital Purwokerto, Nikmati Siaran TV Favoritmu Dengan Mudah!

Baca juga: Berapa Ukuran Box Speaker 12 Inch Bass Jauh Untuk Rumahan, Lengkap dengan Gambarnya

Demikian informasi sekilas yang bisa kami sajikan mengenai Contoh biantara ngamumule basa sunda. Semoga bermanfaat.

 

Sumber:

UPDATE TERBARU