Wednesday 15th of May 2024

Contoh Autobiografi Diri Sendiri Bahasa Sunda, Singkat Padat dan Jelas

×

Contoh Autobiografi Diri Sendiri Bahasa Sunda, Singkat Padat dan Jelas

--

Contoh Autobiografi Diri Sendiri Bahasa Sunda

Ngaranna Dewi Anggraeni, lahir di Tasikmalaya, 30 Desember 1997, anak katilu ti lima anak, buah ti pasangan Kamaruddin jeung Siti Zubaidah.

Dewi téh landihanana, lahir di kulawarga anu basajan pisan. Bapana guru honorer di madrasah tsanawiyah, sedengkeun indungna gawéna jadi kuli di pabrik sapatu teu jauh ti imahna. Ti leuleutik sok dijurung ku bapana sangkan salawasna getol ibadah, jujur, jeung bageur ka batur.


Nalika yuswa 6 taun, anjeunna ngamimitian atikan di SDN 1 Ciawi, Tasikmalaya, teras saatos lulus anjeunna neraskeun ka SMPN 1 Tasikmalaya taun 2009.

Saparantos lulus SMP taun 2012, anjeunna ngagabung sareng pamanna anu cicing di Kota Bandung sareng neraskeun ka SMA xx Kota Bandung.

Baca juga: Contoh Absensi Guru Jam Datang dan Pulang Terbaru 2023, Bisa Digunakan Untuk Semua Jenjang Pendidikan

Baca juga: Kumpulan Contoh Soal Aksara Jawa Pasangan, Meningkatkan Skill Menulis Bahasa Jawa

Baca juga: Belajar Aksara Jawa dan Pasangannya, Contoh Kalimat Serta Penjelasan Lengkap

Sabada kelas X SMA, manéhna milu pasanggiri ngarang sajak antar sakola di sakuliah Kota Bandung, sarta sajakna anu judulna “Senja di Barat Cikapundung” jadi juara ka-3 dina éta pasanggiri.

Tangtu waé hal ieu ngajadikeun haténa bagja jeung leuwih sumanget dina nulis, hususna sajak-sajak anu bertema lingkungan.

Pikeun manéhna, lingkungan mangrupa salah sahiji aspék penting dina kahirupan lantaran lingkungan anu beresih jeung éndah bisa ngajadikeun jiwa manusa kuat jeung séhat.

Sumber:

UPDATE TERBARU