Friday 24th of May 2024

Cerita Dongeng Sasatoan Berjudul Lutung Kasarung Dalam Bahasa Sunda, Sajikan Pesan Moral Untuk Kehidupan Sehari Hari

×

Cerita Dongeng Sasatoan Berjudul Lutung Kasarung Dalam Bahasa Sunda, Sajikan Pesan Moral Untuk Kehidupan Sehari Hari

--

Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan kanggo ngusir kakana. “Jalma anu dikutuk sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu !” Ceuk Purbararang. Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung. Satepina di leuweung, patih eta ngarasa karunyaeun ka purbasari, sarta anjeuna mangnyieun keun hiji pondok kanggo Purbasari.

Anjeuna oge masihan nasehat ka Purbasari,“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri”. "Hatur nuhun.” Bales Purbasari. Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan anu balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan hideung nu misterius namina nyeta lutung kasarung.


Baca juga: Kumpulan Dongeng Si Kancil Bahasa Sunda Penuh Pesan Moral, Cocok Dibaca Bersama Anak Sebelum Tidur

Baca juga: Istilah Sunda Gurat Batu Artinya? Sebutan Untuk yang Suka Ngeyel

Baca juga: Perbedaan Burung dalam Bahasa Sunda dan Bahasa Indonesia, Beda Jauh! Mulai Arti hingga Penggunaan

Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus ngahibur Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan. Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi teras anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu ngabuktikeun yen Lutung Kasarung teh sanes makhluk biasa.

Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai na herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan. Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di leuweung. Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.

Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita. Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang buuk. “Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!” Saur Purbararang.

Sumber:

UPDATE TERBARU