Tuesday 30th of April 2024

Kumpulan Dongeng Si Kancil Bahasa Sunda Penuh Pesan Moral, Cocok Dibaca Bersama Anak Sebelum Tidur

×

Kumpulan Dongeng Si Kancil Bahasa Sunda Penuh Pesan Moral, Cocok Dibaca Bersama Anak Sebelum Tidur

--

2. Dongeng Si Kancil jeung Biruang

Aya hiji biruang coklat awakna lintuh. Manehna sok kataji lamun ngadenge manuk ricit disarada nyanyi galumbira. Biruang hayangeun bisa nyanyi jeung heheotan tapi manehna teu mampuheun.


Dina hiji poe manehna kalangsu di kebon deukeut pilemburan. Manehna hookeun nempo budak angon anu keur niup suling, sorana halimpu naker. Biruang balik deui ka leuweung tuluy nyaritakeun pangalamannana ka si Peucang.

Hiji poe si Peucang ulin. Manehna nepi kana dapuran awi. Kusabab cape, manehna ngaso di tempat eta. Keur kitu, kadenge rereketan sora awi anu lumayan halimpu sanajan teu halimpu kawas sora suling. Ngadenge kitu, bijil sipat jailna. Manehna boga maksud ngaheureuyan babaturannana, nyaeta si Biruang.

Si Peucang lulumpatan neangan Biruang, ahirna si Biruang kapanggih keur mandi di hiji talaga. “Cang! yap urang ngeueum, hawa kacida panasna!”

“Hey Biruang..” ceuk Peucang. “Apanan anjeun resep musik, hayu milu ka kuring, urang tuduhkeun konser musik alami anu halimpu pisan.”

“Wah, nu bener Cang? Hayu urang indit!”

Ti kaanggangan Biruang ninggali Peucang bangun keur niup suling tina awi. “Cang, tibatan kuring ukur nempokeun, ajarkeun kuring maen suling,” ceuk Biruang bari ngadeukeutan Peucang.

“Heug bae, sok elelkeun letah anjeun, tapelkeun kana sela-sela suling awi anu panjang ieu,” ceuk Peucang.

Peucang gura giru ngaheot ngageroan angin. Teu lila ti harita angin niup ngahiliwir cukup keur ngeundeuk-ngeundeuk tangkal awi.

Awi ngareket, nyepet tungtung letah Biruang. Biruang ngajerit nyerieun untuk manehna gancang metot letahna.

Si Biruang sadar, yen dirina geus dibobodo ku si Peucang. Tapi manehna teu ambek, sabab reketna sora awi teh memang kadengena halimpu.

Si Biruang nepi ka sare tibra ngadengekeun sora awi rereketan anu kadenge halimpu pisan

Sumber:

UPDATE TERBARU